YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 99

99
Pangeran Raja pinunjul
1 Pangeran teh Raja,
bangsa-bangsa gumeter.
Mantenna linggih dina tahta, luhureun mukarabin,
bumi inggeung.
2 Pangeran kawasa di Sion,
estu pinunjul, murba ka bangsa-bangsa sakumna.
3Bangsa-bangsa bakal maruji kaagungan jeung kadaulatan jenengana-Na.
Suci Mantenna teh!
4Nun Raja kawasa, Gusti teh tigin kana kaadilan,
Gusti parantos ngukuhkeun hukum di Israil,
parantos ngajalankeun kaadilan sareng katemenan.
5Agungkeun Pangeran, Allah urang,
geura sembah sujud hareupeun tahta-Na!
Suci Mantenna teh!
6Musa jeung Harun kaasup imam-imam Mantenna,
Samuel kaasup anu nyambat ka Mantenna;
aranjeunna sasambat ka Pangeran, ku Mantenna diwaler.
7Mantenna ngandika ka aranjeunna tina tihang mega;
aranjeunna taʼat kana hukum jeung timbalan-timbalana-Na.
8Nun Pangeran, Allah abdi sadaya,
Gusti ngawaler panyambat umat.
Sanaos ku karana dosana maranehna dihukum, nanging Gusti nganyatakeun
yen Gusti teh Allah nu jembar hampura.
9Puji Pangeran, Allah urang,
bakti Mantenna, di Gunung-Na anu suci.
Pangeran teh Allah urang anu suci.

Currently Selected:

JABUR 99: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

Video for JABUR 99