YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 100

100
Lagu pamuji
1Jabur waktu nyanggakeun kurban panarima.
Nyanyi ka Pangeran, he sakuliah jagat!
2Sembah Pangeran bari jeung suka,
deuheusan, bari nyanggakeun lagu gumbira.
3Embarkeun yen Pangeran teh Allah.
Mantenna geus ngadamel diri urang, urang teh kagungana-Na,
urang umat-Na, domba-domba Mantenna.
4Geura arasup ka lawang Bait Allah bari ngucap sukur,
geura arasup ka buruana-Na bari maruji.
Ucapkeun sukur ka Mantenna, puji Mantenna.
5 Pangeran teh sae manah,
asihna langgeng,
satia-Na sapapanjangna.

Currently Selected:

JABUR 100: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

Video for JABUR 100