JABUR 98
98
Allah Pangereh alam dunya
1Jabur.
Sanggakeun ka Pangeran, pupujian anyar,
Mantenna geus midamel hal-hal anu ajaib!
Sarta ku sabab kawasa jeung digjaya,
Mantenna unggul.
2 Pangeran ngumumkeun kaunggulana-Na.
Kakawasaana-Na paranti nyalametkeun teh
dibewarakeun ka bangsa-bangsa.
3Jangji Mantenna ka urang Israil estu teguh,
lantaran satia jeung asih ka maranehna.
Jalma-jalma di mana-mana
kabeh narenjoeun unggulna Allah urang.
4Geura surak keur Pangeran, he sakuliah jagat,
mulyakeun Mantenna ku lagu jeung surak gumbira!
5Nyanyikeun pupujian ka Pangeran,
tabeuhan ku kacapi!
6Tiup tarompet jeung tarompet tanduk,
gederkeun surak ka Pangeran, raja urang.
7Laut katut sakabeh mahlukna, sing jumegur,
bumi katut sapangeusina, geura maruji!
8He walungan-walungan, mangka kaleprok,
he pasir-pasir, mangka nyaranyi reujeung suka di payuneun Pangeran!
9Sabab Mantenna rawuh rek nyepeng ieu bumi.
Mantenna baris marentah pangeusi ieu dunya,
marentah kalawan adil jeung satemenna.
Currently Selected:
JABUR 98: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991