JABUR 97
97
Allah Pangereh nu punjul
1 Pangeran teh Raja! Bumi, masing gumbira!
He pulo-pulo di lautan, masing suka!
2Mantenna dikubeng ku mendung jeung angkeub,
marentahna adil, satemenna.
3Seuneu ngagedur saheulaeun Mantenna,
ngahuru musuh-musuh sakurilingna.
4Kilat-kilat Mantenna nyaangan alam dunya,
bumi ngadegdeg nenjo eta.
5Gunung-gunung laleyur kawas lilin di payuneun Pangeran,
di payuneun Gustina sakuliah jagat.
6Satungkebing langit ngutarakeun kaadilan Mantenna,
sakumna bangsa-bangsa nyaraksian kamulyaana-Na.
7Nu maruhit ka arca-arca diera-era,
ilah-ilah kabeh ngareluk di payuneun Pangeran.
8Urang Sion galumbira,
kitu deui kota-kota tanah Yuda,
sararuka ku putusan Gusti, nun Pangeran.
9Nun Pangeran Nu Maha Kawasa, Gusti nyepeng sakuliah jagat.
Gusti punjul ti sadaya ilah-ilah.
10 Pangeran asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan.
Mantenna nangtayungan hirup umat-Na,
diluputkeun tina genggeman jalma jarahat.
11Cahya caang sumirat ka nu balener,
kasenangan tumerap ka nu balageur.
12He jalma-jalma nu satemenna, masing saruka
ku anu geus dipidamel ku Pangeran,
ingetkeun, sukurkeun, naon-naon anu geus dijalankeun ku Allah nu suci.
Currently Selected:
JABUR 97: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991