JABUR 130
130
Doa menta pitulung
1Lagu paranti jarah.
Ti jero jungkrang kabalangsakan
abdi jumerit, nun Pangeran!
2Dangukeun, nun Pangeran,
dangukeun panyambat abdi neda pitulung!
3Upami dosa abdi-abdi ku Gusti tetep diemutan,
saha anu tiasa luput tina hukumanana?
4Nanging da Gusti kersa ngahampura,
ku margi kitu abdi-abdi bade tumut ka Gusti kalayan hormat.
5Kaula kacida ngaharepna kana pitulung Pangeran,
tur percaya kana jangji-Na.
6Nyongsrongna hate kaula ka Pangeran,
leuwih ti batan ronda peuting ngadago subuh –
ti batan ronda peuting ngadago subuh.
7Israil kudu percaya ka Pangeran,
ku karana satia asih-Na
sarta salawasna kersaeun nulungan.
8Mantenna kersaeun ngajait umat Israil
tina sagala dosa-dosana.
Currently Selected:
JABUR 130: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991