YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 131

131
Pasrah ka Pangeran
1Lagu paranti jarah ti Daud.
Nun Pangeran, abdi parantos ampun tina kaadigungan,
parantos tobat tina kaangkuhan.
Tara urusan sareng perkara arageung
atanapi sual-sual anu langkung ti sulit.
2Sawangsulna parantos ngaraos puas sareng tengtrem.
Lir budak leutik anu dipepende ku indungna,
nya kitu tengtremna hate abdi dina diri abdi.
3Israil kudu percaya ka Pangeran,
ayeuna jeung salalanggengna.

Currently Selected:

JABUR 131: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in