YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 129

129
Doa nyanghareupan musuh Israil
1Lagu paranti jarah.
Israil, caritakeun ka kaula,
kumaha dikaniayana andika ti jaman ngora.
2”Ti jaman kaula ngora, musuh geus nganiaya kaula kacida telengesna,
tapi teu bisaeun nundukkeun kaula.
3Maranehna ngaraheutan tonggong kaula,
jarero lir tapak wuluku dina taneuh.
4Tapi Pangeran anu sipat adil,
geus ngabebaskeun kaula tina perbudakan.”
5Sakur nu geuleuh ka Sion,
mangka areleh mundur kateter.
6Muga maranehna sing cara jukut di suhunan imah,
geus garing samemeh jadi,
7moal aya nu nyumpulkeun,
moal aya anu meungkeut atawa mawa.
8Nu laliwat jajauheun kana ngadoakeun,
”Mugi anjeun diberkahan ku Pangeran!
Kitu berkah ti kaula, demi asma Pangeran.”

Currently Selected:

JABUR 129: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in