YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 128

128
Ganjaran keur nu taʼat ka Pangeran
1Lagu paranti jarah.
Jamuga sakur nu taʼat ka Pangeran,
anu hirupna nurutkeun timbalan Mantenna.
2Pangasilan maneh baris picukupeun,
tangtu senang, moal aya kakurang.
3Bojo maneh bakal saibarat tangkal anggur anu buahna leubeut
di jero imah maneh,
anak-anak maneh nu lalaki bakal saibarat tangkal jetun ngora,
ngariung meja maneh.
4Kitu berkah nu baris katarima ku jalma
anu taʼat ka Pangeran.
5Mugia Pangeran ngaberkahan ka maneh ti Sion!
Mugia maneh dina sapanjang hirup bisa nenjo kamakmuran Yerusalem!
6Mugia maneh panjang umur,
bisa nenjo anak incu!
Mugia Israil aman santosa!

Currently Selected:

JABUR 128: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in