JABUR 127
127
Muji kasaean Allah
1Lagu anggitan Suleman.
Mun lain Pangeran nu ngadegkeun imah,
pagawean tukang-tukangna moal aya hasilna.
Mun lain Pangeran nu ngaraksa kota,
cumah bae dikawal dikemitan oge.
2Cumah digawe pohara nyiar kipayah,
hudang isuk-isuk, hees kapeutingan,
da Pangeran maparinan ka jalma nu diasih-Na teh waktu jelemana keur sare.
3Anak teh kurnia ti Pangeran,
eta teh ganjaran sajati.
4Anak lalaki anu lahir waktu bapana ngora keneh,
eta lir jamparing anu dicangking ku prajurit.
5Bagja jalma, anu loba boga jamparing saperti kitu,
mun tepung jeung musuh di pangadilan,
manehna moal kasoran.
Currently Selected:
JABUR 127: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991