JABUR 112
112
Bagjana jelema bener
1Puji Pangeran!
Bagja jalma anu hormat ka Pangeran,
anu resep nekanan parentah Mantenna.
2Anak-anak jalma hade bakal kawasa di jero nagri
turunanana bakal diberkahan.
3Kulawargana bakal makmur sugih mukti,
hade milik salalawasna.
4Jalma hade, nu karunyaan, bageur, jeung adil,
di nu poek bakal meunang sinar caang.
5Bagja jalma anu daek nulung mere nginjeum,
sarta jujur dina ngajalankeun usahana.
6Jalma hade hamo gagal,
sarta salalawasna bakal kapieling.
7Manehna moal rentag ku beja
imanna tabah tur percaya ka Pangeran.
8Hatena teu salempang, teu hariwang,
sabab ngarasa yakin yen musuhna baris eleh.
9Ka nu miskin daek mere reujeung murah hate,
kahadeanana moal aya batalna,
hirupna bakal kawasa jeung diajenan.
10Nenjo kaayaanana kitu, nu jarahat arambekeun,
tingpendelik arijideun, tuluy musna,
harepanana mudedes salalawasna.
Currently Selected:
JABUR 112: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991