JABUR 111
111
Pamuji ka Pangeran
1Puji Pangeran!
Kaula seja nganuhunkeun ka Pangeran saiklas-iklasna,
dina pagempungan umat-Na.
2Estu aheng padamelan-padamelan Pangeran!
pantes mun diaraji ku sakur nu kataji.
3Dadamelana-Na estu mulya sarta agung,
tur kaadilana-Na langgeng.
4 Pangeran moal kersaeun urang poho kana damel-Na anu araheng;
Mantenna sae jeung welasan.
5Mantenna ngarijkian ka sakur anu ngahormat,
tur tara lali kana perjangjiana-Na.
6Mantenna geus nembongkeun kakawasaan ka umat-Na,
ku jalan masihkeun ka maranehna tanah milik bangsa-bangsa lian.
7Dina sagala damelna Mantenna satia jeung adil
sagala parentah-Na beunang dipercaya,
8tahan dina sagala jaman,
diparentahkeunana kalawan sayakti jeung adil
9Mantenna ngabebaskeun umat-Na,
sarta ngayakeun perjangjian langgeng jeung maranehna.
Mantenna estu suci tur hebat!
10Saha-saha anu hayang jadi jalma bijaksana, kudu hormat ka Pangeran.
Mantenna baris maparin pangarti anu sehat ka anu taʼat kana parentah-Na.
Mantenna layak dipuji salalanggengna.
Currently Selected:
JABUR 111: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991