YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 113

113
Muji kasaean Pangeran
1Puji Pangeran!
He abdi-abdi Pangeran,
paruji jenengan Mantenna!
2Mugia diparuji jenengana-Na
ti ayeuna nepi ka salalanggengna.
3Ti wetan nepi ka kulon,
paruji jenengan Pangeran!
4 Pangeran marentah ka sakabeh bangsa,
kamulyaana-Na ngaluhuran langit.
5Taya pisan nu saperti Pangeran, Allah urang.
Panglinggihana-Na di puncakna luhur,
6tapi Mantenna dongko
ningali ka langit jeung bumi.
7Mantenna nyengkatkeun anu miskin tina lebu,
ngangkat nu masakat tina kabalangsakan,
8sina satata jeung para pangeran,
nya eta para pangeran di kalangan umat-Na.
9Mantenna ngurniaan ibu rumah tangga anu gabug,
dibagjakeun dipaparin anak.
Puji Pangeran!

Currently Selected:

JABUR 113: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in