YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 110

110
Pangeran jeung raja pilihana-Na
1Jabur Daud.
Pangeran ngadawuh kieu ka raja gusti kaula:
”Geura calik katuhueun Kami,
nepi ka musuh-musuh hidep,
ku Kami dijieun titincakan hidep.”
2 Pangeran ti Sion bakal ngalegakeun karajaan Jeng Gusti,
dawuhana-Na, ”Geura ereh musuh-musuh hidep.”
3Dina dintenan Gusti merangan musuh,
rahayat baris maju sukarela.
Lir ibun turun enjing-enjing
para taruna baris darongkap ka Gusti di pasir suci.
4 Pangeran jangji nganggo sumpah tur hamo dicabut deui,
”Hidep baris jadi imam salalanggengna,
sakumaha Melkisidik.”
5 Pangeran aya di tengeneun Jeng Gusti,
ana Mantenna bendu, raja-raja pasti areleh.
6Mantenna baris ngahukum bangsa-bangsa,
medan perang bakal disina pinuh ku mayit,
raja-raja sakuliah bumi baris dielehkeun.
7Sang raja bakal ngaleueut ti susukan sisi jalan,
kakiatanana pulih deui,
bakal terus unggul.

Currently Selected:

JABUR 110: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in