YouVersion Logo
Search Icon

BILANGAN 2

2
Ngatur kaom-kaom di pasanggrahan
1 Pangeran ngandika deui ka Musa jeung Harun hal aturan kieu: 2Urang Israil kudu diatur masang pakemahanana. Unggal jelema kudu nurutkeun umbul-umbul pasukan jeung bandera kaomna masing-masing. Pakemahanana kudu dipasang sakurilingeun Kemah Tepangan.
3-9Pakemahan pasukan umbul-umbul Yuda di beulah wetan, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
Kaom Kapala Jumlah Prajurit
Yuda Nahson bin Aminadab 74.600 urang
Isaskar Netanel bin Suar 54.400 urang
Sebulun Eliab bin Helon 57.400 urang
Jumlah 186.400 urang
Lamun maju, balad Yuda anu pangheulana.
10-16Pakemahan pasukan umbul-umbul Rubin di beulah kidul, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
Kaom Kapala Jumlah Prajurit
Rubin Elisur bin Sedeur 46.500 urang
Simeon Selumiel bin Surisaday 59.300 urang
Gad Elisap bin Rehuel 45.650 urang
Jumlah 151.450 urang
Lamun maju, balad Rubin kudu kadua.
17Ti dinya, antara pasukan balad kahiji jeung kadua, nya eta aleutan kaom Lewi anu ngagotong Kemah Tepangan. Unggal pasukan balad barisna kudu nurutkeun aturan pasukan anu diatur di pasanggrahan katut umbul-umbul masing-masing.
18-24Pakemahan pasukan umbul-umbul Epraim di beulah kulon, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
Kaom Kapala Jumlah Prajurit
Epraim Elisama bin Amihud 40.500 urang
Menase Gamaliel bin Pedasur 32.200 urang
Binyamin Abidan bin Gidoni 35.400 urang
Jumlah 108.100 urang
Balad Epraim majuna katilu.
25-31Pakemahan pasukan umbul-umbul Dan di beulah kaler, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
Kaom Kapala Jumlah Prajurit
Dan Ahieser bin Amisaday 62.700 urang
Aser Pegiel bin Okran 41.500 urang
Naptali Ahira bin Enan copy 3 53.400 urang
Jumlah 157.600 urang
Pasukan balad Dan majuna pangpandeurina.
32Jumlah urang Israil anu asup kana daptar pasukan-pasukan nurutkeun rombonganana masing-masing aya 603.550 urang. 33Kaom Lewi henteu diasupkeun ka dinya, sakumaha timbalan Pangeran ka Musa.
34Sagala timbalan Pangeran ka Musa ku urang Israil dijalankeun. Masanggrahanana, majuna, kabeh nurutkeun umbul-umbul masing-masing, sapasukanana-sapasukanana.

Currently Selected:

BILANGAN 2: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in