YouVersion Logo
Search Icon

BILANGAN 1

1
Cacah jiwa Israil anu mimiti
1Dina tanggal hiji bulan kadua, taun kadua ti sanggeus urang Israil budal ti Mesir, Pangeran nimbalan ka Musa ti Kemah Tepangana-Na di Gurun Keusik Sinai. Timbalana-Na, 2-3”Maneh jeung Harun kudu nyacahkeun urang Israil, nurutkeun kaom jeung wargana masing-masing. Anu geus meujeuhna jadi prajurit, nya eta anu umurna ti semet dua puluh taun ka luhur, kabeh catet ngaranna. 4Menta dibantu ku kapala ti unggal kaom.” 5-16Ieu ngaran-ngaranna anu jaradi kapala kaom masing-masing anu dihiras ngabantu Musa jeung Harun:
Kaom Kapala
Rubin Elisur bin Sedeur
Simeon Selumiel bin Surisaday
Yuda Nahson bin Aminadab
Isaskar Netanel bin Suar
Sebulun Eliab bin Helon
Epraim Elisama bin Amihud
Menase Gamaliel bin Pedasur
Binyamin Abidan bin Gidoni
Dan Ahieser bin Amisaday
Aser Pegiel bin Okran
Gad Elisap bin Rehuel
Naptali Ahira bin Enan
17Dibantu ku ieu dua welas urang, Musa jeung Harun 18dina tanggal hiji bulan kadua ngumpulkeun jelema, didaptarkeun nurutkeun rundayan jeung wargana. Sakur anu umurna dua puluh taun ka luhur diitung jeung dicatetkeun ngaranna, 19sakumaha timbalan Pangeran. Didaptarkeunana ku Musa di Gurun Keusik Sinai. 20-46Kabeh sakur anu umurna geus dua puluh taun atawa leuwih, anu pantes jadi prajurit, ngaranna dicatet nurutkeun kaom jeung wargana, mimiti ti kaom Rubin, putra Yakub anu cikal. Pareleanana kieu:
Kaom Jumlah
Rubin 46.500 urang
Simeon 59.300 urang
Gad 45.650 urang
Yuda 74.600 urang
Isaskar 54.400 urang
Sebulun 57.400 urang
Epraim 40.500 urang
Menase 32.200 urang
Binyamin 35.400 urang
Dan 62.700 urang
Aser 41.500 urang
Naptali 53.400 urang
Jumlah 603.550 urang
47Kaom Lewi henteu bareng didaptarkeun jeung kaom-kaom sejen. 48Sabab kieu timbalan Pangeran ka Musa, 49”Waktu nyacahkeun anu geus meujeuhna dijieun prajurit, kaom Lewi ulah diasupkeun. 50Kaom Lewi mah sina ngurus Kemah Tepangan jeung parabotna, purah ngagotong Kemah Tepangan saparabotna katut purah ngalalayananana. Pakemahanana oge kudu sakuriling eta. 51Upama maraneh pindah, anu ngaruag Kemah Tepangan jeung masangna deui di pasanggrahan anyar kudu kaom Lewi. Anu sejen, saha bae anu wani deukeut-deukeut ka Kemah Tepangan kudu dipaehan. 52Urang Israil anu lianna, pakemahanana kudu nurutkeun kumbuhanana masing-masing, unggal kumbuhan boga umbul-umbul sorangan, kapalana saurang. 53Kemah kaom Lewi kudu ngurilingan Kemah Tepangan, pikeun ngajaga nu sejen ulah deukeut-deukeut ka dinya, bisi urang Israil disamber ku bebendu Kami.” 54Seug urang Israil ngalampahkeun sakumaha timbalan Pangeran ka Musa tea.

Currently Selected:

BILANGAN 1: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

Video for BILANGAN 1