BILANGAN 2
2
Ngatur kaom-kaom di pasanggrahan
1 Pangeran ngandika deui ka Musa jeung Harun hal aturan kieu: 2Urang Israil kudu diatur masang pakemahanana. Unggal jelema kudu nurutkeun umbul-umbul pasukan jeung bandera kaomna masing-masing. Pakemahanana kudu dipasang sakurilingeun Kemah Tepangan.
3-9Pakemahan pasukan umbul-umbul Yuda di beulah wetan, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
| Kaom | Kapala | Jumlah Prajurit |
|---|
| Yuda | Nahson bin Aminadab | 74.600 urang |
| Isaskar | Netanel bin Suar | 54.400 urang |
| Sebulun | Eliab bin Helon | 57.400 urang |
| Jumlah | 186.400 urang |
Lamun maju, balad Yuda anu pangheulana.
10-16Pakemahan pasukan umbul-umbul Rubin di beulah kidul, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
| Kaom | Kapala | Jumlah Prajurit |
|---|
| Rubin | Elisur bin Sedeur | 46.500 urang |
| Simeon | Selumiel bin Surisaday | 59.300 urang |
| Gad | Elisap bin Rehuel | 45.650 urang |
| Jumlah | 151.450 urang |
Lamun maju, balad Rubin kudu kadua.
17Ti dinya, antara pasukan balad kahiji jeung kadua, nya eta aleutan kaom Lewi anu ngagotong Kemah Tepangan. Unggal pasukan balad barisna kudu nurutkeun aturan pasukan anu diatur di pasanggrahan katut umbul-umbul masing-masing.
18-24Pakemahan pasukan umbul-umbul Epraim di beulah kulon, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
| Kaom | Kapala | Jumlah Prajurit |
|---|
| Epraim | Elisama bin Amihud | 40.500 urang |
| Menase | Gamaliel bin Pedasur | 32.200 urang |
| Binyamin | Abidan bin Gidoni | 35.400 urang |
| Jumlah | 108.100 urang |
Balad Epraim majuna katilu.
25-31Pakemahan pasukan umbul-umbul Dan di beulah kaler, sapasukan-sapasukan katut kapalana masing-masing nya eta:
| Kaom | Kapala | Jumlah Prajurit |
|---|
| Dan | Ahieser bin Amisaday | 62.700 urang |
| Aser | Pegiel bin Okran | 41.500 urang |
| Naptali | Ahira bin Enan | copy 3 53.400 urang |
| Jumlah | 157.600 urang |
Pasukan balad Dan majuna pangpandeurina.
32Jumlah urang Israil anu asup kana daptar pasukan-pasukan nurutkeun rombonganana masing-masing aya 603.550 urang. 33Kaom Lewi henteu diasupkeun ka dinya, sakumaha timbalan Pangeran ka Musa.
34Sagala timbalan Pangeran ka Musa ku urang Israil dijalankeun. Masanggrahanana, majuna, kabeh nurutkeun umbul-umbul masing-masing, sapasukanana-sapasukanana.
Currently Selected:
BILANGAN 2: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991

: