YouVersion Logo
Search Icon

KIDUNG AGUNG 6

6
Wanoja-wanoja
1Di lebah mana ngilesna panutan teh,
leuh bentangna para wanoja?
Ka lebah mana angkatna,
kuring sadaya seja mantuan neangan.
Wanoja
2Angkatna mah ka kebonna, ka petakan wawangian,
kersana sumeja ngangon bari metik kembang bakung.
3Nya anjeunna panutan ati, ieu kuring kakasihna.
Ngangonna teh lebah dinya, di antara kembang bakung.
Kidung kalima
Nonoman
4Ku geulis enung jungjunan, sarupi jeung Yerusalem,
sari rasmi sarupi jeung kota Tirsa,
matak rumenghap nu ningal lir ningal eta dua kota anu agung.
5Gilerkeun soca enung ka palih ditu,
paneuteupna ngabandang engkang.
Rambut ombak-ombakan lir embe-embe
keur tarurun ti pasir-pasir Gilad.
6Waos enung bodasna tinanding domba-domba
anu nembe dimandian tas dicukuran,
beres roes pepek jangkep, taya nu coceng.
7Damis enung
ngalangkang jeroeun cindung.
8Keun bae raja mah rea geureuhana ge,
prameswari genep puluh, parekan dalapan puluh,
mojang herang pirang-pirang.
9Ari nu dipikacinta ku kuring mah ngan hiji,
nu geulisna lir japati
putra tunggal ibuna
anu pang dipikanyaahna
pamujian para istri,
malah dialem ku prameswari, ku parekan kitu deui.
10Itu saha nu ngagebray tanding pajar,
mani ngempray tanding bulan,
mancurna tanding sang surya?
11Kuring datang ka kebon kanari,
ngalanglang tutuwuhan anu keur marentik di lengkob,
ngaroris sirung anggur,
jeung ngilikan dalima nu karembangan.
12Engkang teh ngadegdeg, nataku sonona ka enung,
lir kusir kareta perang
nu hayang geura prung tarung.
Wanoja-wanoja
13Cobi ngibing, cobi ngigel, leuh mojang Sulam,
bade ditongton ku kuring sadaya.
Wanoja
14Naha bet harayang ningal kuring ngigel di antara barisan panongton?

Currently Selected:

KIDUNG AGUNG 6: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in