YouVersion Logo
Search Icon

KIDUNG AGUNG 5

5
Nonoman
1Enung, rayi panganten, ieu engkang
datang ngalanglangan taman,
mupu emur, ngala dupa,
nguyup madu, ngadahar para nyiruan,
nginum anggur, nguyup susu.
Wanoja-wanoja
Batur-batur nu keur gandrung,
geura dalahar leueut sawaregna,
nepi ka giung ku cinta!
Kidung kaopat
Wanoja
2Ari mondok, hate mah teu weleh nyaring,
ngimpi panutan ngetrokan panto.
Nonoman
Buka panto enung, jungjunan,
pupujan ati, japati engkang,
ieu engkang, sirah cipruk ku ciibun,
buuk kulimis ku cireumis.
Wanoja
3Kumaha da parantos cucul-cucul,
naha kedah dangdos deui?
Suku parantos beresih,
naha kedah kokotoran deui?
4Panutan kuring nyekel kana gagang panto,
hate mani ratug dumeh anjeunna deukeut.
5Kuring ngojengkang arek mangmukakeun anjeunna.
Leungeun dibalur ku emur,
ramo diolesan ku minyakna,
kolotrak ngalaan tulak.
6Bray panto dibuka, rek ngabageakeun.
Har, anjeunna geus teu aya.
Hanas geus sono kana soantenna!
Ku kuring diteangan, tapi teu kapanggih,
digeroan taya waleranana.
7Kuring kapanggih ku nu keur ngararonda kota,
malah terus diteunggeulan mani raraheut,
karembong oge disosoeh ku nu ngajaraga kuta.
8Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji,
lamun pareng patepang sareng kakasih kuring,
pangwartoskeun yen kuring kagegeringan.
Wanoja-wanoja
9Nyai, bentangna para wanoja,
kakasih Nyai teh memangna benten ti nu sanes?
Naon luar biasana teh,
nepi ka kuring sarerea kudu jangji?
Wanoja
10Kakasih kuring teh nya kasep nya gagah,
mencil sahiji tina salaksa.
11Rarayna lemes sarta marahmay,
rambutna panjang ombak-ombakan,
hideung meles ngabangbara.
12Socana jeg japati
nu eunteup di sisi susukan,
lir japati beunang ngamandian ku cisusu,
eunteup sisi walungan.
13Damisna saendah taman,
nu pinuh ku tangkal ubar-ubaran reujeung samara.
Lambeyna lir kembang bakung, anu leucir ku minyak emur.
14Pananganana mutuh sampurna,
nganggo lelepen anu aya permatana.
Salirana lir tina gading, anu dipasieup ku batu nilem.
15Wentisna lir tihang marmer anu napak dina tatapakan emas.
Anjeun mutuh nya agung, lir Gunung Libanon,
pinuh ku kiputri nu laluhur.
16Mun dicium tea mah lambeyna bangun amis,
sagalana matak kabungbulengan.
Tah kitu kakasih kuring teh, he wanoja-wanoja Yerusalem!

Currently Selected:

KIDUNG AGUNG 5: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in