YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 2

2
Raja pamilih Allah
1Naon sababna bangsa-bangsa rek bararontak?
Ku naon jalma-jalma nyarieun rarancang tanpa guna?
2Raja-rajana barontak
para pangerehna sakait rek ngalawan ka Pangeran,
jeung ka raja pamilih Mantenna.
3Aromongna, ”Hayu urang ngabebaskeun maneh tina kawasana,
urang piceun belengguna.”
4Ti tahta-Na di sawarga, Pangeran gumujeng,
pepetaan maranehna disapirakeun.
5Geus kitu Mantenna nyentak, wera ka maranehna,
ngarencodkeun maranehna ku amarah-Na.
6Mantenna ngadawuh, ”Kami geus ngangkat hiji raja
di Sion, gunung suci Kami!”
7”Kami rek nguarkeun,” saur raja,
”nu geus jadi putusan Pangeran.
Kieu dawuhan Allah ka kami, ʼHidep teh putra Kami;
poe ieu pisan hidep ku Kami digelarkeun.
8Pok penta ka Kami, eta sakabeh bangsa teh,
tangtu baris diselehkeun ka hidep,
sarta sakuliah jagat nya hidep anu boga.
9Pek geura parentah ku iteuk beusi,
pasti maranehna ajur remuk jeg pariuk peupeus.ʼ ”
10Ku sabab kitu, he para raja, masing daek ngarti,
kitu keneh anu nyarekel kakawasaan, tarima ieu pepeling!
11Sing ibadah ka Pangeran, kalawan sieun,
geura sumujud ka Mantenna bari gumeter.
Sabab lamun teu kitu tangtu Mantenna bendu;
aranjeun tangtu tiwas.
Bagja sing saha anu nyalindung ka Mantenna!

Currently Selected:

JABUR 2: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy