YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 1

1
KITAB KAHIJI
(Jabur 1–41)
Kabagjaan nu sajati
1Nya bagja jalma
anu nolak pangajak jalma jahat,
anu teu kabaud kana laku teu puguh,
teu kabawakeun ka anu sok nyapirakeun Allah.
2Sabalikna resep nurut kana Hukum Pangeran,
bari diulik beurang peuting.
3Jelema anu kitu ibarat tangkal nu jadi di sisi walungan,
dina usumna tangtu buahan,
daunna ge moal aya alumna,
sapanejana tangtu tinekanan.
4Sabalikna jelema jahat,
kaayaanana jeg huut katiup angin.
5Jalma jahat ku Allah tangtu dihukum,
jeung dipisahkeun ti umat-Na.
6Jalma bener, diraksa jeung dijaga ku Pangeran,
sabalikna jalma jahat mah nuju kana kamusnaan.

Currently Selected:

JABUR 1: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy