YouVersion Logo
Search Icon

YOEL 2

2
Simeut, galagat poena Pangeran
1Tiup tarompet! Sadakeun tangara di Gunung Sion,
gunung suci Allah.
Ngadegdeg, eh urang Yuda!
Karana poena Pangeran tereh datang.
2Poe eta bakal angkeub jeung poek, hideung kasaput ku mega.
Bakal datang balad simeut, kacida lobana,
lir poek ngarungkupan gunung-gunung.
Ti baheula acan aya nu sarupa kitu,
jeung engkena moal aya deui.
3Saperti seuneu, eta simeut-simeut ngakan beak pepelakan.
Memeh disorang ku eta, tanah teh lir Taman Eden,
sanggeus disorang, geus jadi tegal burindil,
sagalana taya nu kalarung.
4Eta simeut-simeut bangunna siga kuda,
laju lumpatna saperti kuda tempur.
5Waktu tingaracleng di puncak-puncak gunung,
tinggarerit sada kareta perang,
jeung tingbeletok sada jarami kahuru,
tur siga ditata lir pasukan prajurit siap tempur.
6Ana eta maju beuki deukeut,
jalma-jalma kabeh miris, beungeutna sarepa.
7Nararajang lir para prajurit,
naraekan tembok lir para serdadu.
Laju lempeng muru ka hareup,
teu pungkal-pengkol
8atawa nyedek ka jalan baturna.
Maju bareng norobos kabeh panghalang,
taya nu bisa megatan.
9Breg ambreg ka jero kota,
ngaluncatan tembok-tembok,
naraekan imah-imah,
terus arasup tina jandela kawas bangsat.
10Mun eta geus maju, bumi inggeung langit oyag
panonpoe jeung bulan jadi poek
bentang-bentang pareum cahayana.
11Gentra Pangeran jumegur ngatur tentara-Na.
Balad-Na nya gede nya rosa,
taʼat kana parentah-Na.
Poena Pangeran matak sieun kabina-bina.
Saha nu bisa tagen?
Ajakan sangkan tarobat
12 Pangeran nimbalan,
”Tapi ayeuna keneh
geura tarobat sing bener,
geura baralik deui ka Kami,
kalawan puasa jeung midangdam.
13Tembongkeun yen hate maraneh rakacak ku rasa kaduhung,
teu cukup ku nyosoeh pakean.”
Geura baralik deui ka Pangeran, Allah maraneh,
Mantenna bageur jeung karunyaan,
sabar sarta pengkuh kana jangji,
salilana kersa maparin hampura, moal ngahukum.
14Sugan bae Pangeran Allah maraneh kersa robah manah-Na,
sarta ngaberkahan maparin loba paneneun,
sangkan maraneh bisa ngabaktikeun gandum
jeung anggur ka Mantenna.
15Tiup tarompet di Gunung Sion,
parentahkeun kudu paruasa,
embarkeun yen kudu ngayakeun musawarah!
16Jalma-jalma sina kumpul,
sina ngayakeun gempungan suci.
Nu karolot kudu jonghok,
barudak jeung orok-orok ge bawa.
Malah nu alanyar kawin ge kudu marilu,
sina kalaluar ti imah-imahna.
17Para imam anu laladen ka Pangeran
antara altar jeung lawang Bait Allah,
kudu sasambat bari careurik:
”Nun Pangeran, sing hawatos ka umat Gusti.
Abdi-abdi ulah diantep dihina ku bangsa sanes,
sareng dipoyok ku ucapan, ʼMana Allah maraneh teh?ʼ ”
Tanah dipulihkeun subur deui ku Pangeran
18Geus kitu Pangeran kersa malire deui ka tanah-Na,
sarta hawatoseun ka umat-Na.
19Panyambat maranehna diwaler:
”Ayeuna maraneh rek dibere deui gandum,
Maraneh tangtu sugema jeung moal dihina deui ku bangsa batur.
20Eta balad simeut anu daratangna ti kaler,
ku Kami rek disingkirkeun.
Sawareh rek diusir ka gurun keusik.
Barisan hareupna rek diusir ka Laut Paeh,
barisan tukangna ka Laut Tengah.
Ku Kami rek dibasmi,
bangke-bangkena disina bau,
lantaran geus nyilakakeun ka maraneh.
21Lahan-lahan, maraneh ulah sarieun,
masing saruka jeung barungah
ku damel Pangeran ka maraneh.
22Sato-sato, maraneh ulah sarieun.
Sampalan-sampalan harejo
tatangkalan baruahan,
loba kondang, loba anggur.
23Urang Sion, maraneh sing barungah,
sing saruka ku damel Pangeran Allah maraneh, ka maraneh.
Mantenna maparin cukup hujan dina usum muguran,
nurunkeun hujan dina usum tiis,
sarta dina usum semi, cara sasari.
24Tempat-tempat pangirikan bakal parinuh ku gandum,
bak-bak gigireun pameresan
bakal mudal ku anggur jeung minyak jetun.
25Naon-naon anu geus musna
sajeroning taun-taun panen maraneh beak ku simeut, ku Kami rek dipulihkeun,
sabab Kami anu ngadatangkeun eta balad simeut.
26Maraneh bakal loba dahareun, bakal sareubeuh,
bakal maruji ka Pangeran Allah maraneh,
anu geus midamel kaajaiban-kaajaiban pikeun maraneh.
Umat Kami moal aya nu ngahina deui.
27Sanggeus kitu maneh, Israil, bakal ngarasa
yen Kami aya di tengah-tengah maneh,
sarta taya deui Allah maraneh,
ngan Kami, Pangeran.
Umat Kami moal aya nu ngahina deui.”
Poena Pangeran
28”Geus kitu Kami bakal ngeusikeun roh Kami ka unggal jalma.
Anak maraneh lalaki awewe bakal ngucapkeun amanat-amanat Kami.
Nu geus karolot bakal marareunang impian,
nu ngarora bakal marareunang tetenjoan.
29Malah badega-badega, awewe, lalaki
waktu eta bakal dieusian ku roh Kami.
30Mangsa eta Kami rek nyieun tanda-tanda galagat di langit, kitu deui di bumi,
bakal aya caah getih, seuneu, jeung gumpelan-gumpelan haseup.
31Panonpoe bakal jadi poek,
bulan jadi beureum kawas getih.
Eta kabeh bakal kajadian memeh cundukna poena Pangeran
anu pohara hebatna jeung pikasieuneunana.
32Tapi sing saha anu menta tulung ka Pangeran,
tangtu dirahayukeun,
sakumaha timbalan Pangeran,
ʼNu araya di Yerusalem, sawareh aya nu bakal salamet;
saha-saha anu ku Kami kapilih, tangtu rahayu.ʼ ”

Currently Selected:

YOEL 2: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy