YouVersion Logo
Search Icon

YOEL 1

1
1Ieu pangandika Pangeran ka Yoel putra Petuel:
Urang Israil prihatin lantaran kebon gandumna ruksak
2Eh nu geus karolot, darengekeun!
Eh sakur nu aya di Yuda, regepkeun!
Di jaman maraneh, atawa jaman karuhun maraneh,
naha kungsi aya kajadian kawas kieu?
3Caritakeun hal eta ka anak maraneh,
anak maraneh sina nyaritakeun deui ka anak-anakna,
anak maranehna sina nyaritakeun deui ka turunanana.
4Abrulan simeut merul pasusul-susul,
narapuk kana paneneun.
Anu nyesa urut abrulan ieu,
beak digalaksak ku abrulan itu.
5Eh nu marabok, geura areling jeung careurik
geura tingjarerit eh tarukang nginum anggur!
Sabab buah anggur keur nyieun inuman geus lebur.
6Nagri urang diambreg ku balad simeut,
baredas tur kacida lobana,
huntuna saseukeut huntu singa.
7Pelak anggur urang lebur
tangkal-tangkal kondang beak digarayeman,
kulitna beak disaregetan,
nepi ka dahan-dahanna boleklak bodas.
8Umat geura midangdam cara mojang ngabangingik,
ditinggalkeun maot ku pisalakieunana.
9Taya gandum taya anggur
keur sanggakeuneun ka Bait Allah;
imam-imam prihatin,
teu baroga baktikeuneun ka Pangeran.
10Kebon-kebon saruwung,
taneuhna nguyung
lantaran gandumna lebur
pelak anggur tangkalna gararing,
tangkal jetun aralum.
11Para patani geura nalangsa,
nu ngarebon anggur geura ngarungun,
lantaran gandum jeung hanjeli,
sagala rupa paneneun ruksak binasa.
12Tangkal-tangkal anggur aralum, tangkal-tangkal kondang parerang,
tangkal bubuahan ngarangrangan terus paraeh,
kasuka jalma-jalma geus sirna.
13Eh imam-imam anu laladen di altar,
geura dibaraju karung jeung careurik!
Geura arasup ka Bait Allah
jeung midangdam sapeupeuting!
Lantaran geus euweuh gandum jeung anggur
pikeun baktikeuneun ka Allah maraneh.
14Parentahkeun, jalma-jalma sina paruasa;
umumkeun yen kudu ngayakeun sidang!
Kumpulkeun para pamingpin
jeung sakabeh urang Yuda
ka Bait Allah, gedong Pangeran Allah maraneh,
sina sasambat ka Mantenna.
15Poena Pangeran tereh datang,
poena Nu Maha Kawasa baris ngadatangkeun karuksakan.
Eta poe estu matak sieun!
16Urang ngan semet bisa melong
gandum paneneun urang diruksak.
Di Bait Allah kagungan Allah urang
geus teu aya kahegaran.
17Binih paraeh dina taneuh garing.
Geus euweuh gandum keur simpeneun,
leuit-leuit jadi karosong
jeung tingtalambru.
18Sapi-sapi tingaremoh bangun susah,
sampalanana teu jarukutan;
domba-domba kalaparan.
19Abdi sasambat ka Gusti, nun Pangeran,
jalaran sampalan sareng tatangkalan gararing,
sapertos anu diduruk ku seuneu.
20Malah sato-sato alas ge
sasambat ka Gusti,
jalaran walungan-walungan ngoletrak saraat.

Currently Selected:

YOEL 1: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy