Tapi Yunus anggur angkat ka tujuan anu sabalikna. Angkatna teh ka Yopa. Maksudna geusan nyingkiran PANGERAN. Di dinya aya kapal nu rek ka Sepanyol. Sanggeus mayar ongkos jalan, anjeunna unggah bareng jeung urang kapal, terus balayar ka nagara Sepanyol, sangkan jauh ti PANGERAN.