YouVersion Logo
Search Icon

YUNUS 1

1
Nabi Yunus nolak timbalan Pangeran
1Hiji mangsa Pangeran nimbalan ka Yunus putra Amitai. 2Timbalana-Na, ”Maneh kudu indit ka Ninewe, kota nu gede tea. Ancam urang dinya, sabab Kami nyaho kalakuan maranehna nu kacida gorengna.” 3Tapi Yunus anggur angkat ka tujuan anu sabalikna. Angkatna teh ka Yopa. Maksudna geusan nyingkiran Pangeran. Di dinya aya kapal nu rek ka Sepanyol. Sanggeus mayar ongkos jalan, anjeunna unggah bareng jeung urang kapal, terus balayar ka nagara Sepanyol, sangkan jauh ti Pangeran.
4Tapi Pangeran ngadatangkeun angin ribut di laut, topan kacida gedena nepi ka kapal meh bejad. 5Matros-matros garugup, tuluy sasambat marenta tulung ka dewana masing-masing. Geus kitu muatan kapal dibalang-balangkeun ka laut, pikeun ngurangan pibahlaeun. Ari Yunus mah harita teh kulem tibra pisan di bagian handap.
6Kapanggih ku nangkoda, sarta ceuk eta nangkoda ka Yunus, ”Naha kalah ka sare? Hudang, sasambat ka dewa anjeun menta pitulung. Malakmandar aya piwelasna ngajait urang tina baya pati.”
7Matros-matros ngaromong pada batur, ”Urang lotrekeun, supaya kanyahoan saha nu jadi gara-gara nepi ka urang nyorang ieu bahla.” Sanggeus dilotre, lotrena keuna ka jenengan Yunus. 8Ku sabab eta ceuk maranehna ka anjeunna, ”Cobi wakcakeun, leres ieu teh gara-gara anjeun? Bade naon aya di dieu? Anjeun asal ti mana? Bangsa naon?”
9Waler Yunus, ”Kaula urang Ibrani. Kaula ngabakti ka Pangeran, Allah nu jumeneng di sawarga, nu ngadamel daratan jeung lautan.” Saterusna anjeunna nerangkeun yen keur minggat ti Pangeran.
10Matros-matros jadi kacida sarieuneunana, pok ngaromong ka anjeunna, ”Ku naon anjeun nepi ka wani kitu?” 11Ari topan beuki tambah jadi, seug matros-matros teh naranya ka anjeunna, ”Kedah dikumahakeun anjeun teh supaya ieu topan eureun?”
12Nabi Yunus ngawaler, ”Alungkeun kaula ka laut, engke laut leler. Sabab kaula nu jadi lantaran aranjeun katarajang topan sakieu rosana teh.”
13Tapi urang kapal teh anggur haben bae ngadayung, nyoba nyisikeun kapal ka basisir. Tapi gaplah kawantu topan beuki ngamuk. 14Ku sabab kitu maranehna sasambat ka Pangeran, ”Duh Pangeran, mugi abdi-abdi sadaya ulah dihukum dugi ka tiwas, wireh abdi-abdi kapaksa kedah ngorbankeun ieu jalmi! Ieu perkawis disanggakeun ka Anjeun, nun Pangeran, margi ieu sadaya pangersa Anjeun.” 15Geus kitu Yunus ku maranehna digotong, tuluy dialungkeun ka laut. Rep laut leler harita keneh. 16Matros-matros jadi kacida sarieuneunana ku Pangeran, nepi ka ngurban sarta jangji seja ngabakti ka Mantenna.
17Ku kersaning Pangeran, Yunus dilegleg ku lauk gede. Tilu poe tilu peuting anjeunna aya di jero beuteung eta lauk.

Currently Selected:

YUNUS 1: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy