Hate kaula kaeusian ku Roh PANGERAN Nu Maha Agung.
Kaula ku Mantenna dipilih, diutus,
pikeun nepikeun beja alus ka nu sangsara,
nyageurkeun anu hatena remuk,
ngabejaan ka nu keur jadi tawanan, yen maranehna bakal dijait,
ngabejaan ka nu keur dipanjara yen bakal dibebaskeun.
Kaula dipiwarang ngembarkeun,
yen geus cunduk waktuna,
PANGERAN bakal ngajait umat-Na,
ngelehkeun musuh-musuh-Na,
ngalilipur ka nu prihatin.
Kaula mawa beja piatoheun ka urang Sion,
pikeun ngaleungitkeun kasungkawaanana,
sina maruji, ulah udah-aduh deui.
Maranehna bakal saibarat tangkal
nu dipelak ku PANGERAN ku manten.
Lampahna bakal balener.
Allah bakal diparuji sagala damel-Na.