1
YESAYA 60:1
KITAB SUCI
LAISUN
Geura cengkat, Yerusalem! Sing moncorong kawas panonpoe. Maneh bakal kasorot ku kamulyaan PANGERAN.
Compare
Explore YESAYA 60:1
2
YESAYA 60:3
Bangsa-bangsa bakal daratang, raja-raja bakal muru-muru, katarik ku caang maneh, caang jaman anyar.
Explore YESAYA 60:3
3
YESAYA 60:2
Bangsa-bangsa bakal kaalingan ku poek, maneh mah kacaangan ku Mantenna, bakal kahibaran ku cahaya Mantenna.
Explore YESAYA 60:2
4
YESAYA 60:22
Kulawarga anu pangsaeutikna jeung anu panghandapna ge bakal jadi loba jeung kuat lir hiji bangsa. Lamun geus nitih kana wanci nu mustari, hal eta bakal gancang dilaksanakeun ku Kami. Kami teh PANGERAN!”
Explore YESAYA 60:22
5
YESAYA 60:19
Anu nyaangan ka maneh ti beurang lain panonpoe deui. Anu nyaangan ti peuting, lain bulan deui. Kami, PANGERAN, anu nyaangan salalawasna. Cahaya kamulyaan Kami bakal nyaangan ka maneh.
Explore YESAYA 60:19
6
YESAYA 60:20
Maneh bakal kaluar tina mangsa prihatin. Kami, PANGERAN, bakal nyaangan sapapanjangna, leuwih langgeng ti batan panonpoe jeung bulan.
Explore YESAYA 60:20
7
YESAYA 60:5
Maneh tangtu bungah nenjona, hate ngageter kagagas. Harta bangsa-bangsa bakal dibawaan ka maneh, kakayaanana bakal daratang ti peuntas laut.
Explore YESAYA 60:5
8
YESAYA 60:4
Tenjo ka sakuriling, aya naon! Rahayat maneh geus ngumpul arek marulang. Anak-anak maneh bakal daratang ti nu jarauh, nu awewe digarandong kawas barudak.
Explore YESAYA 60:4
9
YESAYA 60:21
Rahayat maneh bakal balener kalakuanana, jeung bakal ngabogaan ieu tanah saumur-umur. Maranehna teh lir sirung beunang melak Kami, sangkan jaradi, sangkan kamulyaan Kami katembong ku sarerea.
Explore YESAYA 60:21
10
YESAYA 60:18
Di dieu moal aya deui anu bebentak. Ieu kota moal ruksak deui, moal ancur-ancur deui. Kami nu bakal ngajagana, saibarat kutana. Maneh tangtu muji sukur ka Kami, lantaran geus disalametkeun.
Explore YESAYA 60:18
11
YESAYA 60:11
Gapura maneh bakal muka beurang peuting, dipake ku raja-raja sagala bangsa mawaan rajabranana jang maneh.
Explore YESAYA 60:11
12
YESAYA 60:6
Ti Midian jeung Epa murubul kapilah onta, jolna ti Syeba, marawa emas jeung dupa. Rahayat galecok nyaritakeun warta matak bungah, hal sagala kajadian dadamelan PANGERAN.
Explore YESAYA 60:6
13
YESAYA 60:10
Dawuhan PANGERAN ka Yerusalem, ”Kuta maneh engke diadegkeun deui, ku bangsa asing. Raja-raja bangsa asing ka maneh bakal ngawula. Basa Kami bendu, maneh ku Kami dihukum. Ayeuna Kami rek mere rahmat jeung panghampura.
Explore YESAYA 60:10
14
YESAYA 60:15
Maneh moal deui ditinggalkeun jeung dipikaijid. Maneh, kota nu tadina suwung jeung tiiseun, ku Kami rek dijieun kota gede jeung endah, jadi kota tempat kasukaan sapapanjangna.
Explore YESAYA 60:15
15
YESAYA 60:16
Bangsa-bangsa jeung raja-raja bakal milu ngarawatan ka maneh, lir indung ngarawatan anakna. Geus kitu maneh bakal nyaho yen geus dirahayukeun ku Kami, PANGERAN, dimerdikakeun ku Allah Israil anu kawasa.
Explore YESAYA 60:16