Eh Yerusalem, dina luhur kuta maneh geus aya anu karemit.
Beurang peuting eta teh teu meunang repeh
nunuhun ka PANGERAN,
sangkan Mantenna emut kana sagala jangji-Na,
sangkan ulah lali ka maranehna.
Kudu terus, tong eureun-eureun nunuhun,
nepi ka Mantenna ngadegkeun deui Yerusalem,
nepi ka Yerusalem jadi kota pamujian saalam dunya.