1
YESAYA 40:29
KITAB SUCI
LAISUN
Sakur nu cape jeung lungse, ku Mantenna disegerkeun.
Compare
Explore YESAYA 40:29
2
YESAYA 40:30-31
Sanajan nu ngarora ge sok leuleus, barudak remaja sok ngudupruk beak tanaga. Tapi sing saha anu muntang ka PANGERAN sarta nyambat pitulung-Na, tangtu jagjag seger deui, lir galudra mentang jangjang, lumpat moal cape, leumpang moal mopo.
Explore YESAYA 40:30-31
3
YESAYA 40:28
Na maneh tacan nyaho? Tacan ngadenge? PANGERAN teh Allah nu langgeng, sakubeng jagat Mantenna nu ngajadikeun. Mantenna tara cape tara lungse. Taya pisan anu nyaho kana eusining manah-Na.
Explore YESAYA 40:28
4
YESAYA 40:3
Aya anu cumeluk, ”Sadiakeun jalan pikeun PANGERAN di tanah gurun! Beresihan jalanna di gurun keusik, pikeun Allah urang!
Explore YESAYA 40:3
5
YESAYA 40:8
Enya, jukut tangtu layu, kembang tangtu perang, tapi pangandika Allah urang mah umurna langgeng.”
Explore YESAYA 40:8
6
YESAYA 40:5
Kamulyaan PANGERAN bakal dinyatakeun, tembong ka sakabeh jelema. PANGERAN ku manten ngajangji kitu.”
Explore YESAYA 40:5
7
YESAYA 40:4
Lebak-lebak saeuran, gunung-gunung ratakeun. Pasir-pasir bakal jadi tanah lempar, anu renjul bakal rata sarta leucir.
Explore YESAYA 40:4
8
YESAYA 40:11
Mantenna bakal ngaraksa lir pangangon ngajaga dombana. Dombana dikumpulkeun, anu laleutik keneh dipangku, indung-indungna sina naluturkeun lalaunan.
Explore YESAYA 40:11
9
YESAYA 40:26
Coba tanggah ka angkasa! Saha nu nyiptakeun bentang-bentang? Ku Mantenna bentang-bentang teh dipingpin kawas hiji pasukan. Mantenna uninga reana, sarta masing-masing dipaparin ngaran. Mantenna maha kawasa – eta bentang-bentang can aya anu leungit.
Explore YESAYA 40:26
10
YESAYA 40:22
Anu ngadamelna teh Mantenna, nu linggih dina tahta-Na, luhureun bumi luhureun langit, jalma di handap tembongna sagede sireum. Langit ku Mantenna dibeberkeun kawas layar, dibeberkeun lir kemah keur tempat cicing.
Explore YESAYA 40:22
11
YESAYA 40:2
Upahan hate urang Yerusalem, uarkeun yen sangsarana geus tutug, dosana geus dihampura. Maranehna geus dihukum bebeakan lantaran dosa-dosana.”
Explore YESAYA 40:2
12
YESAYA 40:6-7
Aya nu ngagentra, ”Embarkeun ieu wawaran!” Ceuk kaula, ”Kedah ngawawarkeun naon?” ”Embarkeun: Manusa ibarat jukut, umurna ngan saumur kekembangan tegal. Jukut layu, kembang perang sanggeus ditiup ku angin ti PANGERAN. Umur jalma teu leuwih panjang ti batan umur jukut.
Explore YESAYA 40:6-7
13
YESAYA 40:10
PANGERAN Nu Maha Agung tereh sumping baris ngarajaan nyepeng kawasa. Sumpingna diiring ku jalma-jalma anu geus diluputkeun ku Mantenna.
Explore YESAYA 40:10
14
YESAYA 40:1
”Lilipur umat Kami,” timbalan Allah urang, ”lilipur!
Explore YESAYA 40:1
15
YESAYA 40:12-14
Saha nu bisa naker cai lautan ku dampal leungeun, atawa ngukur langit ku jeungkal? Saha nu bisa ngulak tanah sajagat ku kulakan, atawa nimbang gunung jeung pasir dina taraju? Saha nu bisa metakeun PANGERAN kana damel? Saha nu bisa mapatahan atawa nuduhan ka Mantenna? Saha anu geus ngahaturkeun pirempug ka Allah, nerangkeun jeung nuduhan ka Mantenna, ngajarkeun sangkan saniskara bisa jalan?
Explore YESAYA 40:12-14