YESAYA 40:12-14
YESAYA 40:12-14 LAISUN
Saha nu bisa naker cai lautan ku dampal leungeun, atawa ngukur langit ku jeungkal? Saha nu bisa ngulak tanah sajagat ku kulakan, atawa nimbang gunung jeung pasir dina taraju? Saha nu bisa metakeun Pangeran kana damel? Saha nu bisa mapatahan atawa nuduhan ka Mantenna? Saha anu geus ngahaturkeun pirempug ka Allah, nerangkeun jeung nuduhan ka Mantenna, ngajarkeun sangkan saniskara bisa jalan?





