Sanggeus kira-kira tengah peuting, Paulus jeung Silas ngadaroa jeung pupujian ka Allah, kadarengeeun ku sakitan lianna. Sabot kitu, aya lini gede teu kira-kira, panjara inggeung-inggeungan nepi ka panto-pantona mararuka, malah rante-rante barogod para sakitan oge ngadadak lalesotan.