Allah, anu uninga kana eusi hate unggal jalma, parantos kersa nampi bangsa sejen, nyatana ka bangsa sejen oge, Allah parantos maparin Roh Suci cara ka urang. Urang sareng bangsa sejen ku Mantenna henteu dibeda-beda. Bangsa sejen oge ku Mantenna dihampura dosana, lantaran maranehna oge palercaya.