1
RASUL-RASUL 17:27
KITAB SUCI
LAISUN
Maksad Mantenna supaya manusa teh nareangan ka Mantenna, malakmandar sing datang ka kapanggih sarta karasa aya-Na. Margi Allah teh sayaktosna henteu jauh ti diri urang masing-masing.
Compare
Explore RASUL-RASUL 17:27
2
RASUL-RASUL 17:26
Manusa nu asalna hiji, ku pangersa Mantenna geus nepi ka minuhan ieu bumi, bari ti samemehna ku Mantenna parantos ditangtoskeun pililaeun jaman-jamanna sareng tempat-tempat pangcicinganana.
Explore RASUL-RASUL 17:26
3
RASUL-RASUL 17:24
Mantenna teh nya eta Allah anu parantos ngajadikeun alam dunya sareng eusina, nu jadi Gustina langit jeung bumi, anu linggihna sanes di jero gedong buatan manusa.
Explore RASUL-RASUL 17:24
4
RASUL-RASUL 17:31
Margi Allah parantos nangtoskeun poe pikeun ngahukum saalam dunya kalawan adilna. Demi nu bakal jadi hakimna hiji manusa anu dipilih ku Mantenna. Hal ieu ku Mantenna parantos diyakinkeun ka unggal jelema, ku jalan nanghikeun eta manusa ti nu maraot!”
Explore RASUL-RASUL 17:31
5
RASUL-RASUL 17:29
Ku margi urang teh putra-putra Allah, ulah nyaruakeun Allah jeung emas atanapi perak atanapi batu, titironan cipta seni sareng kaahlian manusa.
Explore RASUL-RASUL 17:29