YouVersion Logo
Search Icon

KIDUNG AGUNG 8

8
1Leuh, mun seug engkang teh lanceuk teges,
anu sami-sami nginang ka pun biang!
Meureun saban patepang di jalan najan ku abdi dirangkul, moal aya nu nyela.
2Heug ku abdi teh dipontel, diajak mulih,
ngarah abdi ku engkang diwulang perkawis cinta.
Engkang dihaturanan leueuteun, manisan anggur sareng cai dalima.
3Bari engkang nanggeuy sirah abdi ku tangan kiwa,
tangan nu tengen ngusapan.
4Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji,
ulah rek ganggu, kana kacinta kuring duaan.
Kidung kagenep
Wanoja-wanoja
5Saha ieu wanoja nu sumping ti gurun keusik,
pakaleng-kaleng jeung kageugeutna?
Wanoja
Di handapeun tangkal apel, tilas engkang kapungkur dibabarkeun,
engkang ku abdi digeuingkeun.
6Hate engkang ulah dibuka iwal pikeun abdi.
Tong kantos ngarangkul wanita lian, iwal ti ka diri abdi.
Cinta teh bedas lir malakalmaot,
geter birahi teh rosa lir ajal pati.
Ana eta parantos hurung, nguntab-nguntab lir muntabna seuneu.
7Geus hamo kalis ku cai, mo kaceot ku walungan.
Jalma nu wani-wani meuli cinta ku dunyabrana,
geus tangtu dilelewean.
Dulur-dulur nyi mojang anu lalaki
8Adi urang lanjang leutik budak keneh,
susuna ge acan ngeusi.
Rek kumaha peta urang ka manehna,
samangsa aya nu ngalamar?
9Upama eta teh kuta,
urang adegan munara perak,
upama eta teh panto,
urang tulakan make tulak kai kiputri.
Wanoja
10Ieu kuring teh kuta,
susu kuring lir munarana.
Panutan kuring yakin, yen lamun jeung anjeunna,
tangtu kuring bakal bagja.
Nonoman
11Suleman kagungan kebon anggur di Baal Hamon.
Disewakeun ka para patani,
sewaanana masing-masing sarebu uang perak.
12Suleman nampa uang sewa sarebu-sarebu,
kacoceng ku mere untung ka nu nyarewa masing-masing dua ratus.
Kebon anggur kuring mah kuring sorangan anu ngurus.
13Enung, ieu rerencangan engkang, ceulina mani rarancung,
pada-pada hayang nguping sora enung ti jero taman.
Wanoja
14Enggal engkang, geura gasik-gasik sumping,
masing rikat tinanding uncal bikang,
gancang cara uncal jalu ngora,
lungsur ti gunung nu pinuh ku tangkal samara.

Currently Selected:

KIDUNG AGUNG 8: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in