YouVersion Logo
Search Icon

KIDUNG AGUNG 1

1
1Kidung anggitan Suleman. Endah taya papadana.
Kidung kahiji
Wanoja
2Hayang teuing abdi ku engkang diambung,
kadeudeuh engkang langkung ni’mat ti batan anggur.
3Wawangen engkang raraos seungitna,
jenengan engkang lir lisah seungit nyambuang.
Wanoja mana nu ku engkang teu kagembang.
4Cik atuh abdi teh iwat,
duh sembahan abdi, candak lebet ka kamar,
bari dipapag ku bagja,
bakal jojoh nyacapkeun kasono.
Wanoja mana nu ku engkang teu kagembang.
5Leuh wanoja-wanoja Yerusalem,
hideung oge kuring teh geulis,
hideung siga kemah urang Kedar,
endah siga lalangse-lalangse karaton Suleman.
6Tong ditelek-telek hideungna,
kawantu kuring mah tuman kapoe,
tur jadi purah tadah carek dulur-dulur,
purah tunggu kebon anggur,
awak teh geus teu kaurus.
7Duh panutan cik wartosan,
di mana engkang nya ngangon,
di mana ngaubkeun domba-domba ari sonten?
Na abdi milarian engkang teh
kedah ngaprak ka tengah kumpulan domba anu lian?
Nonoman
8Leuh bentangna wanoja,
karah teu uninga tempatna?
Sae tuturkeun bae tapak domba-domba,
pilari sampalan keur embe-embe enung
caket kemah-kemah tarukang ngangon.
9Jungjunan, enung lir ibarat kuda bikang
anu narik kareta raja Mesir.
10Rambut enung aya ku endah, tinggilisir kana damis,
ngarumbay kana tenggek lir ranggeuyan mutiara.
11Engke enung dipangnyieunkeun kangkalung emas,
ditarapang ku perak.
Wanoja
12Sang raja ebog dina bale-bale,
seuseungitan pake abdi kaangseu angin-anginan.
13Barang gabrug anjeunna kana harigu,
kaangseu salirana seungit emur.
14Anjeunna lir ranggeuyan kembang pacar,
anu beukah di kebon anggur di Engedi.
Nonoman
15Ku geulis enung, jungjunan,
soca enung ngenclong ku cahaya cinta!
Wanoja
16Ku kasep engkang teh, panutan,
engkang teh estu pikaresepeun abdi!
Kangge ebog, tuh katilna jukut hejo anu ngampar.
17Keur minangka tihang bumina kai kiputri.
Keur minangka lalangitna tangkal camara.

Currently Selected:

KIDUNG AGUNG 1: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in