YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 95

95
Lagu pamuji
1Hayu, urang maruji ka Pangeran!
Nyanyi sing gumbira keur Allah, anu nangtayungan urang.
2Hayu urang ka Mantenna, nyanggakeun panarima,
urang nyanyi muji sukur.
3Karana Pangeran teh Allah Nu Maha Kawasa,
raja nu pinunjul, ngungkulan sakabeh ilah.
4Mantenna anu kawasa ka sabumi alam,
ti gorowong nu pangjerona, nepi ka puncak gunung nu pangluhurna.
5Murba ka lautan, kenging-Na ngajadikeun,
sarta murba ka daratan, kenging-Na ngabangun.
6Hayu dareku, ngabakti ka Mantenna,
tapak tuur di payuneun Pangeran, nu ngadamel diri urang.
7Mantenna teh Allah urang,
urang teh umat cangkingana-Na,
ibarat domba-domba angonan Mantenna.
Ayeuna rareungeukeun, kieu dawuhana-Na:
8”Ulah warangkelang cara karuhun maraneh di Meriba,
jaman maranehna araya di gurun keusik di Masa.
9Di dinya maranehna nyoba, ngadoja ka Kami
sakitu geus narenjo sakur anu dipigawe ku Kami.
10Opat puluh taun Kami dirurungsing ku eta umat.
Nu matak ceuk Kami, ’Euweuh pisan satiana eta jalma-jalma teh!
Teu narurut kana parentah Kami.ʼ
11Ku bawaning jengkel Kami nepi ka sumpah,
ʼMaraneh hamo asup ka eta tanah,
moal dibikeun reureuh di dinya.ʼ ”

Currently Selected:

JABUR 95: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

Video for JABUR 95