JABUR 150
150
Puji Pangeran!
1Puji Pangeran!
Puji Allah di jero Bait-Na!
Puji pangawasa-Na di sawarga!
2Puji padamelana-Na anu rarongkah,
puji kaagungana-Na anu unggul.
3Puji Mantenna ku sora tarompet,
puji ku sora kacapi jeung gambus.
4Puji Mantenna ku sora kendang jeung ku igel,
puji ku sora kacapi jeung suling.
5Puji Mantenna ku sora kolonangna genta
puji ku sora kelenengna lonceng.
6He sakur mahluk hirup, puji Pangeran!
Puji Pangeran!
Currently Selected:
JABUR 150: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991