YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 148

148
He langit jeung bumi, puji Pangeran!
1Puji Pangeran!
Puji Pangeran ti sawarga,
ku aranjeun, nu araya di tempat luhur.
2Puji Mantenna, he para malaikat-Na,
puji, he wadyabalad sawarga.
3Puji Mantenna, he bulan jeung panonpoe,
puji, he bentang-bentang anu baranang!
4Puji Mantenna, he langit satungkebing langit,
puji, he sagala cai di luhur langit.
5Puji jenengan Pangeran ku sakabeh,
sabab sakabehna ge dijadikeunana ku pangandika-Na.
6Nya ku pangandika-Na sakabehna langgeng merenah satempatna-satempatna,
taya nu bisa ngalawan.
7Puji Pangeran, he pangeusi bumi,
he mahluk-mahluk raksasa pangeusi laut-laut jeung sagara-sagara;
8he kilat jeung hujan es, salju jeung mega,
jeung angin topan anu nurut kana parentah-Na.
9Puji Mantenna, he gunung-gunung jeung pasir-pasir,
he tangkal bubuahan jeung leuweung-leuweung,
10sato-sato leuweung jeung sato-sato ingu,
sato-sato nu ngarayap jeung manuk-manuk.
11Puji Mantenna, he para raja katut bangsa-bangsa,
para pangeran jeung para pangereh lianna,
12para perjaka jeung para mojang,
nu karolot kitu deui barudak.
13Kabeh kudu muji jenengan Pangeran!
Sabab jenengan Mantenna leuwih agung ti sakabeh,
kaagungana-Na luhureun bumi jeung langit.
14Mantenna geus nguatkeun bangsa salira-Na,
nepi ka Mantenna dipuji ku sakabeh umat-Na,
nya eta bangsa Israil, anu kacida diasih ku Mantenna.
Puji Pangeran!

Currently Selected:

JABUR 148: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in