YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 146

146
Pamuji ka Allah jurusalamet
1Puji Pangeran!
Puji Pangeran, he nyawa.
2Kaula seja muji ka Mantenna saumur hirup,
mo petot-petot pupujian ka Allah kaula sapanjang gumelar.
3Ulah ngaharep ka para pamingpin nu sipat manusa,
da moal bisaeun nyalametkeun.
4Jalma mah ari geus paraeh jaradi deui lebu,
sagala pamaksudanana ge harita musna.
5Jamuga jalma anu boga Allahna Yakub anu baris nulungan
anu muntangna ka Pangeran, nu jadi Allahna,
6nu ngadamel langit jeung bumi,
laut katut saeusina,
sabab Mantenna tetep satia kana jangji-Na.
7Mantenna ngabela hak jalma-jalma anu dikaniaya,
maparin dahareun ka jalma nu lapar.
Pangeran ngabebaskeun para sakitan,
8ngabeuntakeun anu lalolong,
ngahudangkeun anu lalabuh,
miasih ka jalma nu jujur.
9 Pangeran rumaksa ka nu ngumbara, di nagri urang,
nulungan ka randa-randa jeung para pahatu,
sabalikna rarancang jalma jahat mah ku Mantenna disina gagal.
10 Pangeran jumeneng Raja salalanggengna, eh Sion!
Allah anjeun baris marentah salalanggengna.
Puji Pangeran!

Currently Selected:

JABUR 146: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in