YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 142

142
Panedana menta pitulung
1Lagu atikan ti Daud, waktu di jero guha.
2Kaula sasambat ka Pangeran, menta pitulung,
ngajerit ka Mantenna,
3ngucutkeun eusining hate,
ngadadarkeun sagala karuwedan.
4Waktu kaula geus meh ngarasa teter,
Mantenna mah uningaeun kaula kudu kumaha.
Jalan tincakeun kaula ku musuh dipasangan pitapak.
5Waktu ngalirik ka gigir,
kaula teu nenjo saha-saha nu pinulungeun,
taya saha-saha keur geusan pamuntangan,
kaula geus teu aya nu mirosea.
6Nun Pangeran, abdi jumerit neda pitulung,
nya Gusti panyalindungan abdi,
mung Gusti anu perlu kanggo hirup abdi.
7Dangukeun panyambat abdi, tulungan,
abdi parantos teu sanggup.
Salametkeun abdi ti musuh
anu langkung unggul batan abdi.
8Bebaskeun abdi tina ieu kasusah,
supados Gusti ku abdi dipuji
dina pagempungan umat Gusti,
ku karana kasaean Gusti ka abdi.

Currently Selected:

JABUR 142: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in