JABUR 140
140
Paneda nyuhunkeun ditangtayungan
1Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud.
2Nun Pangeran, leupaskeun abdi ti jalma-jalma jahat,
tangtayungan ti jalmi-jalmi anu barengis,
3anu haben bae ngareka kajahatan,
unggal-unggal dinten nyieun picekcokeun.
4Letahna lir oray matih,
omonganana lir peurah oray sinduk.
5Nun Pangeran, raksa abdi tina kakawasaan jalma-jalma jahat,
tangtayungan ti jalmi-jalmi anu barengis
anu bade ngajungkelkeun abdi.
6Nu aradigung naheunkeun pitapakna,
naheunkeun euradna, sapanjang jalan masangkeun tataheunan, naheunan abdi.
7Kaula unjukan ka Pangeran: ”Gusti teh Allah abdi.”
Dangukeun panyambat abdi, nun Pangeran!
8Nun Pangeran Nu Maha Agung, Jurusalamet abdi nu digjaya,
Gusti parantos nangtayungan abdi di medan perang.
9Nun Pangeran, tong diluluskeun kahayangna anu jarahat teh,
reka perdayana sing ulah laksana.
10Musuh-musuh abdi ulah disina unggul,
hianatna ka abdi sing malindes ka maranehna sorangan.
11Muga maranehna sing dihujanan ku ruhak marong,
sing digebruskeun ka gorowong anu jero,
ulah sina kalaluar deui.
12Muga ulah hasil niatna nu maritenah,
muga sing carilaka jalma-jalma anu barengis.
13Nun Pangeran, abdi terang yen Gusti ngabela perkarana jalmi miskin,
sareng hak-hakna jalmi walurat.
14Kantenan, nu balener teh bakal muji ka Gusti,
maranehna bakal araya di hadirat Gusti.
Currently Selected:
JABUR 140: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991