JABUR 136
136
Lagu sukur
1Haturkeun nuhun ka Pangeran, demi kasaeana-Na,
asih-Na langgeng.
2Haturkeun nuhun ka nu pangagungna ti sakabeh dewa,
asih-Na langgeng.
3Haturkeun nuhun ka nu pangkawasana ti sakabeh pangeran,
asih-Na langgeng.
4Ngan Mantenna, nu ngadamel mujijat-mujijat agung,
asih-Na langgeng.
5Ku kawijaksanaanana Mantenna ngadegkeun langit
asih-Na langgeng.
6Mantenna ngadegkeun bumi di luhureun cai jero,
asih-Na langgeng.
7Mantenna ngadamel panonpoe jeung bulan,
asih-Na langgeng;
8panonpoe geusan ngarajaan beurang,
asih-Na langgeng.
9bulan jeung bentang-bentang geusan ngaratuan peuting,
asih-Na langgeng.
10Mantenna maehan cikal-cikal urang Mesir,
asih-Na langgeng.
11Mantenna nuyun urang Israil budal ti Mesir,
asih-Na langgeng;
12ku pananganana anu kuat jeung bedas,
asih-Na langgeng.
13Mantenna meulahkeun Laut Beureum,
asih-Na langgeng,
14umat-Na dituyun nyorang eta laut,
asih-Na langgeng,
15sabalikna raja Mesir jeung baladna diteuleumkeun,
asih-Na langgeng.
16Mantenna mingpin umat-Na nyorang gurun keusik,
asih-Na langgeng.
17Mantenna maehan raja-raja anu garagah,
asih-Na langgeng.
18Mantenna maehan raja-raja anu kasohor,
asih-Na langgeng,
19maehan Sihon, raja urang Emor,
asih-Na langgeng,
20maehan Og, raja Basan,
asih-Na langgeng.
21Tanah maranehna ku Mantenna diserenkeun ka umat-Na,
asih-Na langgeng,
22dipasihkeun ka Israil, abdi Mantenna,
asih-Na langgeng.
23Mantenna henteu lali waktu urang kasoran,
asih-Na langgeng.
24Mantenna ngaleupaskeun urang ti musuh,
asih-Na langgeng.
25Mantenna maparin dahareun ka sakabeh mahluk hirup,
asih-Na langgeng.
26Haturkeun nuhun ka Allah nu murbeng langit,
asih-Na langgeng.
Currently Selected:
JABUR 136: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991