JABUR 133
133
Kudu runtut duduluran
1Lagu paranti jarah ti Daud.
Mana teuing hadena jeung senangna,
lamun umat Allah runtut-raut hirupna!
2Saibarat minyak pangistrenan anu mahal
nyakclak tina mastaka jeung rumbah Harun,
terus mapay kana beuheung jubahna.
3Ibarat ciibun ti Gunung Hermon,
anu murubut ka pasir Sion.
Nya di dinya Pangeran ngajangjikeun berkah-Na,
nya eta hirup nu moal aya tungtungna.
Currently Selected:
JABUR 133: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991