YouVersion Logo
Search Icon

JABUR 125

125
Kaamanan umat Allah
1Lagu paranti jarah.
Jalma anu percaya ka Pangeran saibarat Gunung Sion,
moal inggeung, moal ngeser.
2Sakumaha gunung-gunung ngalingkung Yerusalem,
kitu keneh Pangeran ngalingkungan umat-Na,
ayeuna jeung salalanggengna.
3Moal salawasna anu jahat disina terus kawasa
di nagri jalma-jalma balener,
sabab lamun kitu, anu balener oge bisa kabawakeun jahat.
4Nun Pangeran, mugi maparin kasaean ka jalmi anu sae,
sareng ka anu ngesto kana parentah Gusti.
5Nanging upami Gusti ngahukum nu jahat,
anu ingkar tina jalan Gusti oge kedah dihukum.
Mugia Israil aman santosa.

Currently Selected:

JABUR 125: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in