JABUR 116
116
Dijait tina bahaya maot
1Kaula nyaah ka Pangeran, sabab kersaeun ngadangu ka kaula,
kersaeun ngagalih paneda kaula.
2Saban kaula sasambat,
ku Mantenna didangukeun.
3Kaula dikepung ku bahya maot,
diriung ku seremna kubur,
sararieun jeung palaur.
4Seug kaula sasambat ka Pangeran,
”Aduh Gusti, salametkeun abdi!”
5 Pangeran teh sipat hampura jeung murah manah,
Allah urang sipat welas.
6 Pangeran ngaraksa ka jalma anu teu walakaya;
waktu kaula nyorang bahaya, ku Mantenna disalametkeun.
7He hate, sing yakin,
sabab Pangeran hade ka kami.
8 Pangeran geus ngajait kaula tina ajal,
cipanon kaula ku Mantenna dipepet,
kaula dicegah tina kasoran.
9Jadi kaula aya keneh di dunyana nu harirup,
kumelendang di payuneun Pangeran.
10Kaula tetep percaya, sanajan sok ngomong,
”Aing diancurkeun sama sakali.”
11Sanajan ari keur kasieunan sok ngomong,
”Euweuh anu bisa dipercaya.”
12Naon atuh pamulang kaula ka Pangeran
kana sagala kasaeana-Na ka kaula?
13Kaula rek ngahaturkeun anggur ka Pangeran,
nganuhunkeun kana pitulung-Na.
14Kaula rek nyumponan nadar ka Mantenna
dina pagempungan sakabeh umat-Na.
15 Pangeran ngaraos kacida nyerina
mun aya umat-Na anu maot!
16Abdi teh abdi Gusti, nun Pangeran.
Abdi ngabdi ka Gusti teh sapertos ngabdina pun biang.
Gusti nyalametkeun abdi tina maot.
17Abdi bade ngahaturkeun kurban panarima,
sareng nyanggakeun paneda ka Gusti.
18-19Dina pagempungan sadaya umat Gusti,
di tempat suci, di Bait Allah di Yerusalem,
abdi bade ngalaksanakeun jangji.
Puji Pangeran!
Currently Selected:
JABUR 116: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991