JABUR 102
102
Doa dina kasusah
1Doa ti nu keur lara, keur teu daya teu upaya, anu ngucutkeun eusi hatena ka Pangeran.
2Nun Pangeran, mugi dangukeun panyambat abdi,
jerit abdi neneda pitulung mugia dongkap ka Gusti;
3mugi Gusti ulah ngalieus,
nalika abdi keur sangsara,
dangukeun nun Gusti,
abdi jumerit, mugi Gusti kersa enggal ngawaler.
4Margi umur abdi teh musna lir haseup,
sungsum balung asa panas lir diduruk,
5awak laleuleus lir jukut garing
teu hayang neda-neda acan.
6Abdi mung tiasa udah-aduh,
awak ngajangjawing, kantun kulit sareng tulang.
7Abdi lir manuk di gurun keusik,
lir bueuk di ruruntuhan sepi.
8Ngagoler teu daek sare,
kawas manuk nyorangan di suhunan imah.
9Sadidinten hantem bae dicacampah ku musuh,
ngaran abdi dijarieun panyumpahan ku sugri nu mikaijid.
10Tedaeun abdi sanes sangu nanging lebu,
inumeun pacampur sareng cipanon,
11da ku Gusti sakitu dibenduanana sareng disiksana,
dugi ka dijeuwang lajeng digejretkeun pisan.
12Umur abdi lir kalangkang wanci tunggang gunung,
abdi teh lir jukut garing.
13Nanging nun Pangeran, Gusti mah jumeneng Raja salalanggengna,
jenengan Gusti tetep baris dipiemut, turunan nema turunan.
14Gusti tangtos bijil nembongkeun kawelas ka Sion,
parantos waktosna eta teh dipikawatir,
nya ayeuna mangsana.
15Eta teh sanaos parantos burak-barik, tetep dipikacinta ku sadaya abdi Gusti,
sanaos eta teh kantun ruruntuk, tetep ku maranehna dipikawatir.
16Bangsa-bangsa baris gimir ku Pangeran,
raja-raja di bumi sadayana bakal rentag ku kakawasaana-Na.
17Lamun Pangeran geus ngawangun deui Sion,
kaagungan Mantenna bakal diebrehkeun.
18Mantenna bakal malire umat-Na anu geus teu dipirosea,
paneda maranehna baris didangu.
19Tuliskeun sakur anu geus dipidamel ku Pangeran, pikeun turunan nu bakal datang,
supaya jalma-jalma nu ayeuna tacan lahir engke maruji ka Mantenna.
20 Pangeran ningali ka handap ti tempat suci-Na di luhur,
ningali ka bumi di handap, ti sawarga.
21Mantenna ngadangukeun udah-aduhna para tahanan,
jeung ngaleupaskeun anu meunang hukum pati;
22Ku sabab kitu jenengana-Na bakal dimashurkeun di Sion,
Mantenna bakal diparuji di Yerusalem,
23lamun bangsa-bangsa jeung karajaan-karajaan bareng daratang,
sarta ngabarakti ka Pangeran.
24Tanaga kaula ku Pangeran dileumpeuhkeun ngora-ngora,
umur kaula ku Mantenna dipondokkeun.
25Nya kaula sasambat: ”Nun Allah,
mugi abdi ulah dicandak satengahing umur.”
Nun Pangeran, Gusti teh jumeneng langgeng,
26kapungkur ngadegkeun bumi,
langit oge hasil damel panangan Gusti;
27eta bakal keuna ku musna, nanging Gusti mah langgeng jumeneng sapapaosna,
eta sadayana bakal bobo kawas lawon,
sarta ku Gusti disingkirkeun lir baju butut,
ahirna musna,
28dupi Gusti mah tetep henteu robah-robah,
hadirat Gusti teu aya tamatna.
29Anak incu abdi-abdi Gusti tiasa hirup tengtrem,
sarta turunan maranehna ge bakal aman,
ku karana pangraksa Gusti.
Currently Selected:
JABUR 102: LAISUN
Highlight
Copy
Compare
Share
Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in
@LAI 1991