YouVersion Logo
Search Icon

SILOKA 20

20
1Anggur ari loba teuing mah matak ngacapruk kawas nu burung. Daek mabok mah bodo kabina-bina.
2Kudu gimir ku amarah raja, kawas gimir ku gaurna singa. Ngahudang amarahna sarua jeung maehan maneh.
3Lampah pujieun pisan nyingkiran anu garejul parebut padu mah.
4Lamun patani dina usum nyawah kedul ngawuluku, tangtu moal boga pibuateun.
5Pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero. Tapi ku anu berbudi mah teu burung katimba.
6Saban jalma sok ngakukeun satia, tapi ari anu enya satia mah langka.
7Bagja anu jadi anak, lamun bapana jujur sarta kalakuanana bener.
8Raja anu linggih dina korsi pangadilan, socana awas kana kajahatan.
9Jalma mana anu wani nyebutkeun yen dirina enyaan beresih, geus lubar tina dosana?
10Tukang malsu timbangan jeung meteran, jadi kagiruk Pangeran.
11Sipat budak oge boh jujur, boh bageur, tembong dina paripolahna.
12 Pangeran maparin panon keur nenjo, maparin ceuli pikeun ngadenge.
13Lamun waktu ngan dipake sare, nya malarat balukarna. Kudu ngoprek, sangkan seubeuh barang capek.
14Anu meuli, sabot nawar mah nyebutna teh mahal teuing, mahal teuing. Tapi ari geus beunang mah agul-agul, boga rasa pinter nawar.
15Lamun maneh ngarti kana hal anu keur diucapkeun sorangan, eta teh pangaboga anu pangajina leuwih ti emas atawa permata.
16Pohara kabalingerna sasanggupanan rek mangmayarkeun hutang batur teh, lantaran kudu jeung wani naruhkeun sakabeh kabogana.
17Barang beunang teu jujur, mimiti mah karasana lir kadaharan anu pohara ngeunahna, tapi lila-lila mah asa neureuy keusik.
18Tong asa-asa menta heula nasehat, sangkan hasil anu diseja. Rek tarung ge ulah ujug-ujug der, kudu asak tatahar heula.
19Nu beuki ngobrol mah teu bisa dibawa nyekel rasiah. Anu loba omong leuwih hade dijauhan.
20Anu nyumpahan ka kolot, hirupna bakal enggeusan, lir palita anu pes pareum di nu poek.
21Harta banda mah beuki gampang disiarna, beuki kurang mangpaʼatna.
22Ulah hayang ngabales ka nu nyilakakeun. Anggur sanggakeun ka Pangeran, Mantenna anu baris ngalereskeun.
23 Pangeran mikagiruk ka jalma nu make timbangan palsu jeung malsu timbangan.
24Pimanaeun manusa bisa nyaho kana tincakeun hirupna, sabab lengkah-lengkahna Pangeran anu nangtukeun.
25Memeh aya panadaran ka Pangeran, timbang heula masing asak, sangkan henteu kaduhung ahirna.
26Ku raja anu binekas mah nu boga salah teh kauninga sarta dihukum teu dipikarunya.
27 Pangeran ka urang maparin budi rasa reujeung ati sanubari. Urang moal bisa sumput salindung.
28Raja baris tetep kawasana, satungtung marentahna jujur, bener, adil.
29Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana, ari ka nu karolot hormat teh ku karana huisna.
30Ngarobah cara hirup teh sakapeung mah matak kacida peurihna.

Currently Selected:

SILOKA 20: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in