YouVersion Logo
Search Icon

BILANGAN 34

34
Wawatesan tanah tea
1 Pangeran ngandika deui ka Musa, 2ngandikakeun ieu parentah pikeun urang Israil, ”Di mana maraneh geus arasup ka Kanaan, tanah anu ku Kami rek dipaparinkeun, wawatesan eta tanah teh bakal kieu: 3Di beulah kidul watesna ti tanah gurun Sin malipid di sapanjang tanah Edom, mimiti ti wetan tungtung kidul Laut Paeh. 4Ti dinya mengkol ngidul ka jalan Akrabim parat ngaliwatan Sin nepi ka Kades Barnea di kidul. Ti dinya nyela bumi ngaler ngulon nepi ka Hasar Adar terus ka Asmon, 5mengkol ka lebak di wates tanah Mesir, anggeus di basisir Laut Tengah.
6Di beulah kulon watesna Laut Tengah.
7Di beulah kaler watesna mimiti ti basisir Laut Tengah terus mapay nepi ka Gunung Hor. 8Ti dinya terus ka jalan Hamat, terus keneh nepi ka Sedad, 9terus ka Sipron, anggeus di Hasar Enan.
10Di beulah wetan watesna mimiti ti Hasar Enan terus mapay nepi ka Sepam. 11Ti dinya mengkol ngidul ka Harbel di wetaneun Ain, terus nepi ka pasir-pasir di basisir Talaga Galilea beulah wetan, 12tuluy ngidul mapay Walungan Yordan nepi ka Laut Paeh.
Bakal kitu opat wawatesan tanah maraneh teh.”
13Geus kitu Musa ngalahir ka urang Israil, ”Ieu tanah pikeun maraneh teh. Pek lotrekeun, sabab ku Pangeran geus diajangkeun pikeun salapan kaom jeung anu satengah kaom deui. 14Sabab kaom Rubin, kaom Gad jeung kaom Menase anu saparona geus baroga bagian sarta geus dibagi-bagi nurutkeun saahli karuhunna masing-masing, 15di peuntaseun Walungan Yordan beulah wetan nampeu ka Yeriho.”
Para pamingpin anu kudu ngabagi eta tanah
16 Pangeran nimbalan deui ka Musa, 17timbalana-Na, ”Imam Elasar jeung Yosua bin Nun sina ngabagikeun ieu tanah ka urang Israil, 18sina dibantuan ku para pamingpin ti tiap kaom.” 19-28Pangeran nangtoskeun jelema-jelemana nya eta:
Ti Kaom Pamingpinna
Yuda Kaleb bin Yepune
Simeon Selumi bin Amihud
Binyamin Elidad bin Kislon
Dan Buki bin Yogli
Menase Haniel bin Epod
Epraim Kemuel bin Siptan
Sebulun Elisapan bin Parnak
Isaskar Paltiel bin Asan
Aser Ahihud bin Selomi
Naptali Pedahel bin Amihud
29Sakitu jelema-jelema anu ku Pangeran ditangtoskeun sina ngabagikeun tanah milik ka urang Israil di tanah Kanaan.

Currently Selected:

BILANGAN 34: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

Video for BILANGAN 34