YouVersion Logo
Search Icon

MARKUS 4

4
Misil anu tebar
(Mat. 13:1-9; Luk. 8:4-8)
1Yesus mimiti ngawulang deui di sisi Talaga Galilea. Jelema ngagimbung ka Anjeunna kacida lobana, nepi ka Anjeunna ngalih calikna kana parahu anu keur ngambang dina cai. Jalma-jalma narangtung di basisir sisi cai. 2Yesus tuluy ngawulang ka maranehna rupa-rupa hal ku misil-misil. Saur-Na ka maranehna,
3”Barandungan! Aya hiji jelema indit tebar. 4Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka jalan, seug datang manuk maracokan eta binih nepi ka beak. 5Aya anu ragragan kana tanah anu karikilan, taneuhna ipis. Eta binih tereh jadi lantaran taneuhna ipis; 6tapi sanggeus kasebrot ku panonpoe, binih anu kakara mentik teh ngulapes tuluy garing, lantaran akarna henteu jero. 7Aya anu ragragan kana rungkun cucuk, rungkunna ngagedean, binih teh kaheumpikan, teu bisa buahan. 8Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu tilu puluh kalieun, nu genep puluh kalieun jeung nu saratus kalieun.”
9Saur-Na deui, ”Lamun baroga ceuli pek ieu darengekeun!”
Sababna make misil-misil
(Mat. 13:10-17; Luk. 8:9-10)
10Sanggeus Anjeunna nyalira bae, anu tadi ngadarengekeun teh aya anu daratang ka Anjeunna, dibaturan ku dua welas murid-Na, naranyakeun harti eta misil. 11Ari waler-Na, ”Maraneh mah geus dibere nyaho rasiahna Karajaan Allah. Ari nu sejen luareun eta ngan dibere ngadenge misilna bae, 12jadi maranehna mah,
’Narenjokeun tapi teu narenjoeun,
ngadarengekeun tapi teu ngalartieun.
Sabab lamun narenjoeun jeung ngalartieun tangtu tarobat ka Allah,
sarta ku Mantenna tangtu dihampura.’ ”
Harti misil anu tebar
(Mat. 13:18-23; Luk. 8:11-15)
13Saur-Na deui, ”Kutan maraneh teu ngarti kana eta misil? Kumaha rek ngarti kana misil sejenna? 14Nu tebar teh hartina nu ngawawarkeun amanat sabda Allah. 15Binih anu katebarkeun ka jalan, hartina eta amanat didengekeunana ngan saliwat, harita kadenge harita keneh dipupus ku Iblis. 16Anu katebarkeun kana taneuh anu karikilan, hartina eta amanat gancang ditarima reujeung suka, 17tapi gancang leungit deui sabab nyerepna teu sakumaha. Barang disusahkeun ku batur dumeh percaya kana eta amanat tuluy bae murtad. 18Anu katebarkeun kana rungkun cucuk, hartina eta amanat ditarima, 19tapi kadeseh ku kasalempangan hirup, ku hayang beunghar, jeung ku rupa-rupa kahayang napsu, teu nepi ka bijil hasilna. 20Anu meneran kana taneuh anu hade, hartina eta amanat ditarima enya-enya, hasilna kapetik, buahna kaala, aya nu tilu puluh kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu saratus kalieun.”
Lampu anu dituruban ku gentong
(Luk. 8:16-18)
21Saur-Na deui, ”Naha aya anu nyeungeut lampu terus dituruban ku gentong atawa diteundeun di kolong? Naha lain kudu diteundeun dina ajugna? 22Naon bae anu nyumput bakal nembrak, naon bae anu katutup bakal nonggerak. 23Darengekeun sing bener mun enya baroga ceuli!” 24Saur-Na deui, ”Pek tengetkeun sing bener anu kadarenge teh! Kalakuan maraneh ka batur, ku Allah bakal dibalikkeun ka maraneh leuwih ti kitu. 25Anu enggeus beubeunangan bakal ditambahan, sabalikna anu henteu beubeunangan mah anu geus aya ge keur saeutik teh bakal di cokot pisan.”
Misil hal jadina binih
26Yesus sasauran deui, ”Karajaan Allah teh ibarat ieu misil. Aya jelema nyebarkeun binih dina lahanna. 27Ari peuting manehna hees, ari beurang manehna hudang. Sabot kitu jeung kitu, binihna jaradi jeung ngagedean. Teu nyahoeun manehna mah peta jadina teh kumaha. 28Pepelakanana ku taneuh disina jadi nepi ka buahanana, sina mentik, sina ngagedean, sina ranggeuyan, sina buahan. 29Sanggeus gandumna asak meujeuhna diala, patani nyokot arit, gandumna diala.”
Misil siki sasawi
(Mat. 13:31-32, 34; Luk. 13:18-19)
30”Ibarat naon deui Karajaan Allah teh?” Yesus mariksa. ”Kudu ku misil naon nerangkeunana? 31Ibarat misil ieu. Aya jelema nyokot siki sasawi, tuluy dipelakkeun dina taneuh. Siki sasawi di saalam dunya siki anu panglembutna. 32Sanggeus jadi, tangkalna teh panggedena ti sakabeh pepelakan, daunna gomplok dahanna galede, manuk-manuk daratang nyarayang dina aubanana.”
33Kitu carana Yesus nyarioskeun amanat ti Allah ka jalma rea teh, ku rupa-rupa misil kawas bieu, sateka-teka diluyukeun jeung pangarti maranehna. 34Nyarioskeunana tara teu ku misil. Tapi ari geus tinggal jeung murid-Na bae mah sagala rupa ge ku Anjeunna diterangkeun sageblasna.
Ngeureunkeun angin ribut
(Mat. 8:23-27; Luk. 8:22-25)
35Sanggeus burit, poe eta keneh, Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Urang meuntas talaga, urang ka beulah ditu.” 36Bari sasauran kitu teh Anjeunna miheulaan calik kana parahu. Murid-murid oge naraek kana parahu, jalma rea ditinggalkeun, tuluy mareuntas. Di eta talaga aya deui parahu-parahu sejen. 37Dak-dumadak aya angin ribut nebak, parahu meh tibalik ku ombak nepi ka pinuh kaasupan cai. 38Ari Yesus keur kulem di beulah tukang, mastaka-Na dibantalan. Ku murid-murid digugahkeun, pokna, ”Pa Guru! Keun bae urang cilaka?”
39Yesus gugah, tuluy marentah ka angin, ”Eureun!” Marentah deui ka ombak, ”Leler!” Jep angin jempe sarta talaga jadi kacida lelerna. 40Yesus ngalahir ka murid-murid, ”Ku naon sarieun! Teu palercaya ka Kami?”
41Tapi maranehna jadi kacida sarieuneunana ku Anjeunna, seug patanya-tanya, ”Saha ieu jelema teh? Angin jeung ombak nepi ka narurut kitu!”

Currently Selected:

MARKUS 4: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy