YouVersion Logo
Search Icon

MALAKI 1

1
1Ieu pesen Pangeran ka Malaki pikeun urang Israil.
Kanyaah Pangeran ka Israil
2Timbalan Pangeran ka umat-Na, ”Salilana Kami mikanyaah ka maraneh.”
Tapi maranehna ngajawab, ”Naon tawisna nyaah ka abdi-abdi?”
Waler Pangeran, ”Esau jeung Yakub adi lanceuk. Tapi Kami mikanyaah teh ka Yakub jeung turunanana. 3Ka Esau jeung turunanana Kami ijid, kota manehna di pagunungan ku Kami ditumpurkeun, dijieun enggon sato-sato leuweung.”
4Upama ceuk urang Edom turunan Esau, ”Kota urang geus diruksak. Urang adegkeun deui,” baris diwaler ku Pangeran, ”Pek adegkeun deui, ku Kami rek diancurkeun deui. Ku jalma-jalma bakal disarebut ʼNagri dorakaʼ jeung ʼBangsa anu salilana dibenduan ku Pangeranʼ.”
5Kaayaanana kitu bakal katarenjoeun sorangan ku urang Israil, nepi ka ceuk maranehna, ”Pangeran di luareun Israil ge hebat!”
Pangeran ngaweweleh imam-imam
6 Pangeran Nu Maha Kawasa nimbalan ka imam-imam, ”Anak hormat ka bapa. Gandek ajrih ka juraganana. Mana hormat maraneh ka Kami, bapa maraneh? Mana kaajrih maraneh ka Kami, juragan maraneh? Maraneh ngahina ka Kami, tapi ceuk maraneh, ʼNgahina kumaha abdi-abdi ka Gusti?ʼ 7Maraneh ngabaktikeun kadaharan anu teu pantes kana altar Kami. Ceuk maraneh, ʼNaon margina disebatkeun teu ngahormat?ʼ Sababna maraneh nganggap rendah altar Kami. 8Ari mawa sato lolong atawa sato gering atawa pincang keur kurban ka Kami, naha lain salah eta kalakuan maraneh teh? Coba bikeun sato siga kitu ka gupernur! Daekeun manehna narima, atawa mere peresen?”
9Ayeuna aranjeun, imam-imam, coba ngadoa ka Allah, ka Pangeran, neneda sugan Mantenna kersaeun mikawelas ka urang. Doa aranjeun ku Mantenna moal diwaler, lantaran salah aranjeun sorangan. 10Timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa, ”Leuwih hade panto-panto Bait Kami teh ku maraneh ditutup, pikeun nyegah maraneh ulah nepi ka ngahurungkeun seuneu dina altar Kami, taya gunana lantaran ku Kami moal kapake. Kami teu resep ka maraneh. Embung narima kurban ti maraneh. 11Jalma-jalma saalam dunya ngahormat ka Kami. Di mana-mana jelema-jelema mareuleum dupa pikeun Kami, jeung marere kurban kasedep Kami. Kabeh ngahalormat ka Kami! 12Sabalikna maraneh mah ka Kami ngarendahkeun, nyebutkeun altar Kami taya hargana, diteundeunan kadaharan anu ku maraneh sorangan geus teu dipikahayang. 13ʼBosen migawe nu kieu bae!ʼ ceuk maraneh mani dangah ka Kami. Maraneh mere kurban ka Kami teh sato beunang maling, atawa sato pincang, atawa sato gering. Dikira Kami daek narima? 14Sing ulah jamuga jalma anu ngabobodo ka Kami, anu mere kurban sato goreng, padahal boga nu alus nu geus dijangjikeun pikeun Kami! Kami teh Raja Agung, anu dipikagimir ku jelema-jelema unggal bangsa.”

Currently Selected:

MALAKI 1: LAISUN

Highlight

Share

Copy

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in

YouVersion uses cookies to personalize your experience. By using our website, you accept our use of cookies as described in our Privacy Policy