YouVersion Logo
Search Icon

YESAYA 39

39
Utusan ti Babul
(2Rja. 20:12-19)
1Meh sawaktu jeung eta, Raja Babul, Merodak Baladan putra Baladan, ngadangu warta yen Raja Hiskia geus sae tina teu damangna, tuluy kikintunan dibarengan ku surat. 2Utusanana ku Hiskia ditampi, malah dicandak ningalian dunyabranana, emas, perak, bahan seuseungitan kitu deui sagala kaperluan tentarana. Kamar-kamar tempat rajabrana, kitu deui nu aya di tempat-tempat sejen di karajaanana, kabeh ditembongkeun teu aya anu kaliwat. 3Ti dinya sumping Nabi Yesaya ka Raja Hiskia, mariksakeun, ”Eta jalmi-jalmi ti mana sareng naon sanggemna ka Sang Raja?”
Waler Hiskia, ”Ti nu tebih, ti nagri Babul.”
4”Dicandak ningalian naon di karaton?” saur Yesaya.
Waler Hiskia, ”Sagala rupi bae. Kamar-kamar dunyabrana sadayana ditembongkeun, teu aya anu kalangkung.”
5Saur Yesaya, ”Timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa, 6engke dina hiji waktos sagala rupi anu aya di karaton Raja, sagala rupi anu kenging ngempelkeun karuhun Raja dugi ka wangkid ieu, bakal diakut ka Babul, moal aya anu kantun. 7Putra Sang Raja ku anjeun oge sapalih bakal diboyong dijadikeun gandek karaton raja Babul.”
8Eta kasauran kitu kahartoseun ku Raja Hiskia, yen anjeunna mah sapanjang hirupna bakal santosa. Ku sabab eta walerna, ”Eta timbalan Pangeran anu disaurkeun ku Bapa, sae maksadna.”

Currently Selected:

YESAYA 39: LAISUN

Highlight

Copy

Compare

Share

None

Want to have your highlights saved across all your devices? Sign up or sign in